Sabtu, 01 Maret 2014

GANDRUNG






GANDRUNG

Sumirat layung koneng
ngempur hurung lir emas sinangling
mega bodas robah jadi kulawu tarum
ngarayap ngudag-ngudag sumurupna srangenge

GANDRUNG



aya kalangkang ayang-ayangan
teu puguh jungkiringna
teu puguh bungkeuleukan nana
balawiri kokolepatan laju ti lelebna leuwi ati

jungjunan....

Ieu hate kebek ku kasono
ngambul ngareunteutkeun kalbu
ngalimpudan satungkebing diri
teu daya nyieuhkeun nana

jungjunan...

Salira nu jadi panganyam mangpirang-pirang rasa
mangsa kasono ti totoroso
mangsa kasedih nurih ati
nya salira nu janten pangrepeh

wengi ayeuna mangsa diri pinuh ku kasono
naha di mana salira..?

by. Bunda Mira